Notice: file_put_contents(): Write of 637 bytes failed with errno=28 No space left on device in /www/wwwroot/muzbon.net/system/url_helper.php on line 265
Darso - Taeun | Скачать MP3 бесплатно
Taeun

Taeun

Darso

Длительность: 4:41
Год: 2020
Скачать MP3

Текст песни

Buntang banting
Nyiar duit beurang peuting
Ngalembur nepi kageuring
Melaan taeun

Kahujanan kapanasan
Ka'anginan unggal usik
Nyeuri cangkeng
Melaan taeun

Nyiar duit pahibut
Ukur keur taeun
Ngoprot kesang hareudang
Ukur keur taeun

Pusing tujuh kuriling
Mikiran taeun
Sagala ukur keur taeun
Melaan taeun

Ampir kabeh lalaki
Di alam dunya
Digawe satekah polah
Melaan taeun

Anu kuli anu supir
Anu hansip anu dagang
Jeung nu maling
Melaan taeun

Bisa jagjag waringkas
Mun seubeuh taeun
Bisa leuleus ngalempreh
Lantaran taeun

Loba jalma nu paeh
Lantaran taeun
Teu manggih kejo sapoe
Nu ngeureubeuk taeun

Omat omat montong waka ngeureus
Tong waka nyangka cawokah
Omat omat montong waka ngeureus
Da kuring mah ngomongkeun beuteung