Notice: file_put_contents(): Write of 628 bytes failed with errno=28 No space left on device in /www/wwwroot/muzbon.net/system/url_helper.php on line 265
Detty Kurnia - Anaking | Скачать MP3 бесплатно
Anaking

Anaking

Detty Kurnia

Альбом: Duriat Pegat
Длительность: 5:09
Год: 2005
Скачать MP3

Текст песни

Jep, anaking, jep, ulah ceurik
Ulah rudet, ya, ulah rék belik
Wayahna hidep sing sabar
Tarimakeun ieu kadar
Titis tulis ti Gusti Hyang Widi

Reup, anaking, reup, geura saré
Masing tibra, Cu, sing soléh haté
Hidep teu perlu hariwang
Poé isuk pasti datang
Baris muka lawang pangharepan

Duh, anaking, jimat awaking
Iwal hidep pupundén ati
Anu jadi tilam kaéling
Duh, anaking, jimat awaking
Deudeuh teuing, buah kacinta
Wayahna sing tumarima

Bapa geus mulang ti heula
Dipundut kunu Kawasa
Takdir teu bisa dipungkir
Kadar teu beunang disinglar

Reup, anaking, reup, geura saré
Masing tibra, Cu, sing soléh haté
Hidep teu perlu hariwang
Poé isuk pasti datang
Baris muka lawang pangharepan

Duh, anaking, jimat awaking
Iwal hidep pupundén ati
Anu jadi tilam kaéling
Duh, anaking, jimat awaking
Deudeuh teuing, buah kacinta
Wayahna sing tumarima

Bapa geus mulang ti heula
Dipundut kunu Kawasa
Takdir teu bisa dipungkir
Kadar teu beunang disinglar