Notice: file_put_contents(): Write of 653 bytes failed with errno=28 No space left on device in /www/wwwroot/muzbon.net/system/url_helper.php on line 265
Doel Sumbang - Syukur Jeung Bagja | Скачать MP3 бесплатно
Syukur Jeung Bagja

Syukur Jeung Bagja

Doel Sumbang

Альбом: Syukur Jeung Bagja
Длительность: 4:23
Год: 2022
Скачать MP3

Текст песни

Manusa pangsangsarana
Nu ngarasa kurang wae
Najan hirup sarwa aya
Lubak libuk harta banda

Omat ulah kajongjonan
Harta lamun salah mawa
Jadi pangbeubeurat hisab
Dina yaumal qiamah

Manusa nu pangbengharna
Anu salawasna syukur
Ikhlas jeung ngarasa cukup
Najan mindeng kakurangan

Pupus melang tong hariwang
Ibadah bari ikhtiar
Anu maha welas asih
Moal reureuh mikadeudeuh

Miskin lain alesan keur luh lah
Sugih lain alesan keur tanggah
Nasib mah ukur lalakun
Maju mundur kuma urang

Nasib mah ukur lalakun
Hayu syukur ulah kufur
Lain kabagjaan nu ngalantarankeun syukur
Tapi bisa syukur ikhlas nu ngalantarankeun bagja

Manusa nu pangbengharna
Anu salawasna syukur
Ikhlas jeung ngarasa cukup
Najan mindeng kakurangan

Pupus melang tong hariwang
Ibadah bari ikhtiar
Anu maha welas asih
Moal reureuh mikadeudeuh

Miskin lain alesan keur luh lah
Sugih lain alesan keur tanggah
Nasib mah ukur lalakun
Maju mundur kuma urang

Nasib mah ukur lalakun
Hayu syukur ulah kufur
Lain kabagjaan nu ngalantarankeun syukur
Tapi bisa syukur ikhlas nu ngalantarankeun bagja