Kamana Cintana
Nina
6:02Panas nu sakieu mentrang, sugan teh moal rek hujan Sono bogoh anu urang geuningan teu bisa manjang Asa dina pangimpian, urang jadi pipisahan Kadeudeuh nu nyangreud pageuh, kiwari talina udar Urang teu bisa embung najan kagandrung sagunung Urang teu bisa nolak najan duriat sajagat Urang lir ibarat wayang usik malik na ku dalang Anu teu wasa, teu wenang, beureum hideung kuma dalang Apan hirup ngalalakon saperti dina sinetron Caritana kedah pisah, nya, hamo bisa dipondah Urang teu bisa embung najan laput rasa gandrung Urang teu bisa nolak najan limpas ku kabeurat Tarimakeun janten randa, akang pasrah jadi duda Najan pait bari peuheur, teu bisa di kumahakeun Ulah ceurik, tong diceungceurikan Takdir teu beunang dipungkir, kadar teu bisa disinglar Najan pada-pada beurat, meureun gurat kedah pegat Ulah ceurik, tong diceungceurikan Wayahna cing tumarima Urang teu bisa kumaha, teu bisa kumaha Urang lir ibarat wayang usik malik na ku dalang Anu teu wasa, teu wenang, beureum hideung kuma dalang Apan hirup ngalalakon saperti dina sinetron Caritana kedah pisah, nya, hamo bisa dipondah Urang teu bisa embung najan laput rasa gandrung Urang teu bisa nolak najan limpas ku kabeurat Tarimakeun janten randa, akang pasrah jadi duda Najan pait bari peuheur, teu bisa di kumahakeun Ulah ceurik, tong diceungceurikan Takdir teu beunang dipungkir, kadar teu bisa disinglar Najan pada-pada beurat, meureun gurat kedah pegat Ulah ceurik, tong diceungceurikan Wayahna cing tumarima Urang teu bisa kumaha, teu bisa kumaha Tarimakeun janten randa, akang pasrah jadi duda Najan pait bari peuheur, teu bisa di kumahakeun Ulah ceurik, tong diceungceurikan Takdir teu beunang dipungkir, kadar teu bisa disinglar Najan pada-pada beurat, meureun gurat kedah pegat Ulah ceurik, tong diceungceurikan