Tafsir Mistik
The Panturas
4:10Loba neangan dulur boga kaweruh nu luhur (bobot pangayom) Teu poek neangan jalur (timbang taraju) Bisa ngariksa diri sangkan hirupna mandiri (asak rampa) Teguh boga jadi diri Teu ka bawa sakaba-kaba Ngalayang katebak angin (cakakak di leuweung injuk talina) Ngangkleung ti hilir ka girang (dihakan dibeuweung hitut jadina) Teu boga jimat nu jadi Pamuntangan Leumpeuh papalidan Nete taraje nincak hambalan Caringcing pageuh kancing saringset pageh iket Kalakuan pagiri-giri calik pagirang-girang tampaian Teu unggut kalinguan teu gedag ka angina Tunggul diparud catang dirumpag Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek Ngalayang katebak angin (cakakak di leuweung injuk talina) Ngangkleung ti hilir ka girang (dihakan dibeuweung hitut jadina) Nu ngaran hirup dunya mah ngumbarah Nyimpang kur saliwat