Bulan Dagoan
Yanti Bersaudara
3:16Tengah peuting keur jemplang jempling Kuring nyaring teu ngeunah cicing Hate melang sumoreang Buah ati lawas teu patepang Cuang cieung kuring sorangan Nunggeulis di pangumbaraan Lieuk deungeun lieuk lain Taya pisan geusan pamuntangan Rek sasambat ka saha nyanyambat Suwung dulur walurat sobat Sangsang badan nitipkeun nya diri Iwal ti ka Gusti hyang widhi Hiliwirkeun duh angin peuting Pangnepikeun hariring kuring Kajungjunan nu ngantosan Kawih ati nu keur rungsing pikir Sangsang badan nitipkeunnya diri Iwal ti ka Gusti hyang widhi Hiliwir duh angin peuting Pangnepikeun hariring kuring Kajungjunan nu ngantosan Kawih ati nu keur rungsing pikir